01 April, 2009

TEKS PANAMPIAN DINA SESERAHAN

Kang Raka ……………..(nami nu nyerahkeun) sarimbit, ogé para wargi sadayana anu dimulyakeun ku Alloh. Langkung tipayun Sim kuring nyanggakeun simpay réma pataréman, muka lambé nya pangbagé dipapag ku basa reujeung rasana, dibarung ku imut sumanding kalbu. Wilujeng sumping ka nu sarumping, bagja datang ka kadang warga, hatur nuhun anu kasuhun ku kersana rurumpaheun ka ieu patempatan.
Kang Raka saparakanca, rupina salah sawios jalma anu dipiasih ku Gustina nya taya lian iwal ti nu kersa ngaitkeun tali silaturahmi kasasamana. Luyu sareng basa kacapangan urang Sunda; silih asah, silih asah tur silih asuh. Ku ayana éta sim kuring ngedalkeun ucap Alhamdulillahirrobbil’alamin.
Silaturahmi kang raka sarimbit katampi ku astakalih pon kitu deui, éta batok bulu eusi madu nu diajang keur si akang, purakeun jaga mangsana, éstu galengan téh aseukeun kénéh.
Kang Raka upami tuang putra kitu cariosna, si bikang ogé anyar-anyar ieu sok rajeun ngahurung balung sakapeung sok ngokok jero kurung rajeun téh kaluar sok ngagarapak badis hayam keur kumahkar malah mah buluna gé dugi ka rintit. Nu paling dipikahariwang ku sim kuring mah si bikang téh sok mogok nyatu resepna nyéngclé dina halu. Éta sadayana isyarat ti Alloh téh ku Sim kuring ditapakuran lajeng di awur ku picatur di ceuceuh ku pang jeujeuh, namung si bikang kalahkah ka kandang. Nya lami kalamianmah yaa Alloh horéng si bikang téh ngabelengéh, hoyong geura dipépéndé diusapan ku jajaka satria lir Kama Jaya. Kang ............(nami nu nyerahkeun), Sim kuring tagiwur antara kabingah, kamelang tur hariwang da bongan pun anak téh héjo kénéh pisan. Ari bingahnamah Sim kuring téh baris ngalaman wajib ti Alloh nya éta baris nikahkeun tur nalingakeun.
Kang Raka saparakanca, saupama badé ngersakeun mulung minantu ka pun anak, anu seueur kénéh kirangna upami tos kaémutmah taya bayana, namung Sim kuring téh sanaos bari kitu, ka pun anak téh kebek ku kanyaah, kaasih tur ka héman. Da bongan aya kecap anak téh tungtungna nyawa, anak téh mustika dunya. Mana kanggo ka tuang putra cép...... (calon panganten pameget) bapa nitipkeun lahir batina. Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal buukna salambar, getihna satétés, napasna sadami upama hidep aya dina kasanggupan bapa baris narima lahir batin.
Kang raka hatur nuhun tina kadeudeuhna cacandakan nyata siloka ka asih ati jirimna. Da nu tangtosmah kang Raka najan rébo ku cacandakan, ditanggung tur didongdangan taya hartosna saupama tuang putra cép ...... (calon panganten pameget) handapeun bujalna teu walkaya, nu panjang kebluk hudang, gancang saré. Pamungkas ngahaturkeun nuhun, sim kuring boga rasa kagunturan madu karagragan menyan bodas, maksad tuang putra tur kang raka katampi ku astakalih disuhun dina embun-embunan mugia Alloh ngalungsurkeun hidayahna ka urang sadayana.
Malati putih di taman, campaka éndah kembangna kedal lisan nyanding asih pamungkas wasssalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh

TEKS MC DINA UPACARA PERTIKAHAN

A.Bubuka

Assalamu’alaikum wr,wb.

Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh. Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Nu Agung ka Alloh SWT. Ku Kurnia kalayan Ridhlo Mantena urang tiasa patepung lawung patepang wajah silaturahmi dina kaayaan sehat walafiat dina raraga nyakseni acara pamaksadan Bapa (sohibul hajat) Sakulawargi. Wireh dina danget ayeuna badé ngalaksankeun syukuran/Akad Nikah putrana Neng (calon panganten istri) ka (calon panganten pameget)
Sim kuring kalayan asmana Bapa (sohibul hajat), Langkung tipayun sim kuring seja nyangakeun simpay rema pataréman muka lambé nya pangbagé, dipapag ku basa reujeung rasana, dibarung ku imut sumanding kalbu, hatur nuhun anu kasuhun, bagja datang ka kadang warga ku kersana rurumpaheun ka ieu patempatan. Para wargi dilulungsur linggih ka ieu patempatan sanés badé dijamu anu sasugema-sugemana nanging badé neda ridlho galihna, mugi tiasa rumojong ku mangrupi du’a.
Mugi-mugi pamaksadan sim kuring sakulawarga aya dina ridhlo Alloh SWT, dikabul sapaneja.
Kalih ti éta sim kuring sakulawarga neda sihapunten tina sagala rupi kaalfaan sareng kakirangan, anu tinangtos moal nyugemakeun, boh tempatna boh carana, sumawona lalawuhna mah mung saukur alakadarna.
Ogé henteu hilap ka para tatangga anu tinangtos bakal kaganggu tur kagandéngan. Ku hal éta hapunten anu kasuhun!
Acara anu badé digarap dina ieu pamaksadan diantawisna:
1.Bubuka anu ayeuna nuju digarap ku sim kuring;
2.Sérén-sumérén dilajengkeun kana pamasrahan bingkisan;
3.Akad Nikah dilajengkeun kana pamasraha Maskawin (mahar);
4.Sembah Sungkem;
5.Naséhat; lajeng anu pamungkas
6.Du’a.
7.Acara panambih/upacara adapt
Sawér
Buka Pintu
Huap Lingkung
Ngaleupaskeun Japati

B.Sérén Sumérén
Rupina acara bubuka ti sim kuring dicekapkeun sakitu, sumangga ayeuna urag lajengkeun kana acara Sérén Sumérén.
Para tamu ti rombongan calon pangantén pameget ogé para wargi anu sami hadir, rupina sadayana parantos rinéh, sakantenan pépés késang sumangga acara sérén-sumeren urang kawitan kalayan urang sami-sami sakséni. Kumaha maksad ti tatamu téh.
Margi tatamu téh moal latung tambuh laku ki sémah moal lentang tanpa béja. Nya lantung pasti manggul piutus, nya lentang pasti ngemban timbalan

Nu kasulur panumbu maksud ti tatamu, nu ngemban gadadar maksad ti ki sémah, sumangga geura dugikeun!
.....................................................................................................
Kitu horéng maksad tatamu téh, écés, ébréh henteu disindang siloka, didadar dadas korédas. Taya maksud nu kalarung, taya basa nu kaliwat. Kantun panampian, wawakil ti pribumi anu badé didugikeun ku kersana Bapa (wawakil nu masrahkeun calon pangantén pameget)
.....................................................................................................
Nu masrahkeun lalugina nu nampi nya bingah ati.
Salajengna sumangga urang sami-sami sakséni tawis kasih nu suci, pangreugreug tur kadeudeuh nu maneuh ti pihak sepuh calon pangantén pameget kanggo ka sepuh calon pangantén istri, sumangga geura sanggakeun, ditampi ku ibuna pangantén istri mangrupi bingkisan, minangka lulugu tina sadayana cacandakan.
Mugi ngajantenkeun ragi tur binih kanggo putra nu ngawitan ngambah sagara rumah tangga.

C.Akad Nikah
Réngsé acara sérén sumérén anu parantos kasakséni ku para wargi sadayana.
Salajengna mugi janten maphum kalayan neda perhatosanana. Wiréh acara poko dina ieu pamaksadan parantos dugi kana waktosna, taya lian nya éta Akad Nikah.
Sumangga urang sami-sami sakséni. Ieu acara sagemlengna badé diasanggakeun ka Bapa petugas wawakil ti Kantor Urusan Agama (KUA) Kacamatan (tempat pertikahan)
Sumangga dihaturanan!

D.Sembah Sungkem
Alhamdulillah acara poko dina ieu pamaksadan nya éta Akah Nikah parantos réngsé kalayan teu aya halangan harungan naon-naon. Salajengna sumangga ayeuna urang lajengkeun kana acara Sembah Sungkem.
Margi, sok sanaos lumangsungna ieu pertikahan téh dumasar kana kasaluyuan atanapi (restu) tinu janten sepuh namung bilih ti nu janten sepuh aya kénéh garis-garis carita anu teu kungsi kabaca, aya rasa rumasa nu kamari jeung kiwari teu acan kasungsi. Urang tembrakeun rasa katresna sajatining mustikaning kalbu.
Manah caang narawangan anu janten sepuh ka putra nu bakal balayar ngajugjug kana pulo kabagjaan. Aya dina kamulusan tur karahayuan dikabul sapaneja.

E.Naséhat
Para bapa miwah hadirin sadayana, sok sanaos piwuruk sepuh teu luput ti kapungkur piwejang ibu rama teu kendat sapanjangna. Namung sepuh mah teu weléh melang tur hariwang sok inggis anak téh teu tinemu jeung kabagjaan.
Salajengna supados langkung paos badé dibekelan ku mangrupi pépéling atanapi naséhat.
Naséhat ieu hususna kanggo ka Pangantén Sakalih, umumna mah ka nu sami hadir waé. Malah mandar aya mangfaatna. Ieu naséhat badé didugikeun ku wawakil ti sepuh Pangantén Sakalih.

F.Du’a
Alhamdulillah runtuyan acara lulugu parantos réngsé. Kantun sumangga urang sami-sami muji syukur ka Nu Agung neneda ka nu Maha kawasa, mugi-mugi pamaksadan Bapa (sohibul hajat) sakulawargi salamina aya dina panagtayungan Alloh SWT. Dikobul sapaneja.
Salejengna kanggo mingpin du’a bade disanggakeun ka kersana bapa (kokolot/ulama di éta tempat)

G.Acara Panambih/Upacara adat
Réngsé acara lulugu tadi, sumangga urang sami-sami sakséni acara pambih nya eta sabagian tina Upacara Adat ti Tatar Sunda, diantawisna :
1.Sawér
Sawér pangantén, nya éta hiji kabudayaan Sunda anu turun tumurun ti karuhun, dipupuri dipupusti, kiwari diguar deui.
Sawér téh mangrupi pituah anu diwangun ku hariring (dangding). Pituah kanggo ka anu nembé réréndéngan, namung umumna mah kanggo ka sadayana waé.
Réngsé hariring biasana sok aya anu diawurkeun, kayaning beubeutian, beas, sareng artos.
Saur sepuh éta téh mangrupikeun siloka anu ngandung hartos yén béas sareng beubeutian téh hiji siloka dina hirup rumah tangga anu kedah rajin tatanén. Upami artos ngandung hartos yén dina ngalakonan hirup rumah tangga téh kedah rajin usaha atanapi bebekelan pikeun ngambah sagara rumah tangga.
Janten anu diawurkeun téh boh ngawurkeun papatah atanapi ngawurkeun rupi-rupi barang kedah janten pangémut utamina ka nu badé ngawangun rumah tangga sangkan singer tur motékar pikeun ngahontal sagala rupi anu di cita-cita.
Ieu acara sawér baris disanggakeun ka Bapa atanapi ibu anu parantos dipapancénan.
Sumangga dihaturanan!

2.Buka pintu
Pituah anu diwangun ku dangding parantos réngsé, sumangga urang lajengkeun kana acara salajengna nya éta Buka Pintu.
Ieu acara biasana diwangun ku dua bagian.
Nu ka hiji nya éta Hariring Buka Pintu dilajengkeun kana Bantayan. Bantayan teh ngawengku sababaraha kagiatan diantawisna nya éta (1) nincak endog, (2) meuleum harupat, (3) meupeuskeun kendi.
Sumangga ka anu parantos kapapacénan kanggo ngahariringkeun Hariring Buka Pintu dihaturanan!
Réngsé Hariring Buka Pintu. Sumangga urang lajengkeun kana Bantayan.
A. Acara Nincak endog badé dikawitan;
Dilaksanakeun ku pangantén pameget.
B. Réngsé nincak endog, lajeng sampéan pangantén pameget diwasuh ku pangantén istri. Tah ieu téh mangrupikeun hiji gambaran yéndina rumah tangga mah salamina istri téh kedah satia kanu janten carogé.
C. Dilajengkeun kana meuleum harupat;
Ari harupat mangrupi siloka tina sipat heuras. Numawi aya paripaos “getas harupateun” anu hartosna gurunggusuh atanapi babari napsu.
Tah saupami carogé salira kagungan sipat sarupi kitu, urang salaku istri kedah tiasa ngelelemu/mépés bari disiraman ku kahéman.
Numawi silokana harupat nu tadi di beuleum téh kedah dicéos (dipépés) ku Pangantén Istri.
D. Saparantos meuleum harupat, lajeng Pangantén Sakalih nyandak kendi anu dieusian ku cai kanggo ngawasuh sampéan Pangantén Pameget.
Sumangga Pangantén Pameget ka luar (ka panyawéran) lajeng éta kéndi anu dicepeng ku duaan dipeupeuskeun (dibeubeutkeun) sasarengan. Ieu téh minangka kiparat miceun sial dangkal, kantun tinemu kabagjaan tur karahayuanana. Amiin,

3.Huap Lingkung
Acara huap lingkung téh salangkung mah siga polah heuheureuyan, namung ieu acara téh mangrupikeun gambaran yén ti danget ayeuna mah encép sareng enéng (pangantén sakalih) téh parantos dewas. Ku kituna ema miwah bapa hidep baris masihan huap anu pamungkas wiréh ayeuna mah hidep téh kedah mandiri.
Mangga ka sepuh pangantén sakalih masihan tuang (huap) kaputrana masing-masing, lajeng masihan tuang (huap) ka mantu masing-masing.
Saterasna pangantén sakalih silih huapan, silih leueutan, anu ngagambarkeun yén dina salamina rumah tangga téh kedah silih pikanyaah, silih pikaasih, tur silih pikadeudeuh-pikameumeut.
Ieu acara badé luluguan ku ibu (panitia)

4.Ngaleupaskeun Japati
Pamungkas tina acara panambih mah mangrupi budaya kaayeunakeun, nya éta Ngaleupaskeun Japati.
Anu gambaranana yén hidep duaan téh parantos sawawa tur déwasa, kalayan amprok jodo pikeun hirup ngambah sagara rumah tangga.
Nu dileupaskeun téh manuk japati sanes manuk nu séjén. Ieu téh dicandak tina gambaran kahirupannana. Manuk japati mah hirupna akur pada baturna, kadaharanana bararesih, satuhu kadunungan mun ngendog (boga anak) cukup dua siki, tara cara manuk piit.
Sok sanajan bari sato, ari aya picontoeun anu alus keur urag mah bisa dijieun eunteung pikeun ngalakonan hirup rumah tangga
Ku éta hal, Ema katut Bapa ti danget ieu lésot tanggung jawab, nepi ka dieu Ema jeung Bapa jajap, mangka hidep sing tawakal duaan. Geura jugjug mumunggang gunung nu aya di pulo kabagjaan. Ti kiwari hidep lir manuk hiber ku jangjangna, mileupas tina sayang. Bral, bral anaking, diéndong pidu’a Ema katut Bapa.

H.Panutup (MC)
Ti ngawitan tug dugi ka lekasan upacara petikahan Néng (pangantén istri) ka Cép (pangantén pameget) parantos réngsé.
Sim kuring anu kapapancénan ngatur acar kalayan asmana nu kagungan maksad, neda sihapunten tina sagala kakirangan boh carana boh lepat éntép seureuh basana. Paripaos bilih aya runtuyan gugus kagusur ranggeuyan dadas kababad, mugi ulah janten tunggul sirungan catag supaan.

Lun turun ti rahayu
Rahayu manjing walagri

Pancén anjeun keur anjeun
Pancén kuring keur kuring
Nu béda garpanana.
Wabilahitaufik Walhidayah
Wassalamu’alaikum wr. Wb.


CAG!